contoh warta basa sunda 2017
B. Daerah
RizalMY6472
Pertanyaan
contoh warta basa sunda 2017
1 Jawaban
-
1. Jawaban helper3
Warta Tentang Pendidikan:
Jokowi : "Atos lami teuing, atikan di nagara urang monoton"
Bogor - Presiden jokowi saluyu kana aspirasi salah saurang pamuda anu namina belva, ngeunaan kana atikan (pendidikan) di indonesia. Jokowi sapakat sareng pendapat pamuda eta, yen atikan di indonesia teh masih kurang keneh inovasi, ku kituna teknologi urang tinggaleun 128 taun dibandingkeun nagara anu langkung maju.
"Urang saleresna atos lami teuing, atikan di urang teh monoton, lamun urang heunteu ngarombakna, urang heunteu ngarobah total, manawi leres tadi saur belva, anu di itung 128 taun ka tinggaleun teknologina. Eta oge dijakarta, " Saur pa jokwi di istana bogor, jln ir juanda, kota bogor, jawa barat (sabtu (28/10/2017)
Sateuacana aya saurang pamuda nu namina Adamas belva syah devara nu nyaritakeun ngeunaan artikel dosena di universitas harvard, amerika serikat. Dina artikel eta profesor ngabandingkeun skor atikan dijakarta sareung nagara-nagara maju liana. Hasilna, jakarta dianggap katinggaleun 128 taun, saur belva.
"Abdi gumbira lamun bararudak sakola heunteu diajar dirohangan wae, kumaha levelna. Upami budak SD, naha heunteu diajak ka kantor bank, engkeun teurang ngeunaan kana sistem masalah ka uangan.
Ngeunaan perbankan, naha heunte diajak contona ka pabrik, garmen, kanggo ningali saleresna anu ngarana pabrik teh siga naon. Tiasa wae diajak ka musium, kanggo ngenalkeun sajarah beh lewih nyata." Saur pa jokowi.