B. Daerah

Pertanyaan

Naon novel sunda nu mimiti aya jeung sebutkeun pangarang jeung tahun terbitna!

1 Jawaban

  • Novel Sunda nu mimiti aya nyaeta anu judulna Baruang ka Nu Ngarora. Pangarang novel Baruang ka Nu Ngarora nyaeta D.K. Ardiwinata sarta taun terbitna nyaeta taun 1914. Novel teh mangrupakeun karya sastra dina wangun lancaran atawa sok disebut prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Novel kaasup kana wangun prosa modern. Conto prosa modern lianna, salian ti novel, nyaeta carita pondok atawa carpon. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.

    Pembahasan

    Salasahiji ciri tina novel nyaeta anu ngarangna jelas, henteu siga dongeng anu pangarangna henteu jelas atawa anonim. Novel oge mangrupa wangun prosa anu caritana panjang sarta miboga bagean-bagen. Salian caritana panjang palaku nu aya dina carita novel biasana loba sarta waktu anu dicaritakeun oge biasana lila. Eusi carita nu aya dina novel bisa mangrupakeun carita rekaan atawa hayal bisa oge mangrupakeun carita anu dumasar kana kajadian nyata. Sanajan carita nu aya dina novel teh bisa carita hayal, tapi carita hayal anu asup kana akal atawa logis.

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon nu dimaksud novel brainly.co.id/tugas/8770348
    • Cara nganalisis novel brainly.co.id/tugas/9548939
    • Naon bedana novel jeung carpon brainly.co.id/tugas/6136771  

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Maca Novel

    Bab : 5

    Kode : 9.13.5

    Kata Kunci : Novel Sunda nu mimiti

Pertanyaan Lainnya